Tuesday, June 14, 2011

Cacarek ka palaputra










pun sapun ampun paralun
eyang nu ngahiang sancang
para rama ing niskala
seja nyaksrak seja nyuksruk
ngaburu turub mandepun
neuteuleum nu ti handeuleum
nitenan nu ti hanjuang
muga hana anu guna
guna na tan gunasika
weruh na mo matak kiruh
ala na keur para putra

na hiji titi amangsa
darmasiksa ma ti sunda
pangagung urang galunggung
hana nguni hana mangke
tan hana nguni ma tangtu
pinasti tang hana mangke
lamun aya ma beuheula
pasti aya tu ayeuna
hanteu aya ma beuheula
hanteu aya tu ayeuna
hana tunggak hana watang
tan hana tunggak ma pasti
tan hana tu wawatangna
hana atuh tutunggulna
aya atuh cacatangna

seuweu siwi sing ngalarti
sunda ma aya pangarti
sunda ge aya kaheman
siksa kandang karesian
ndeh nihan aya siloka
tadaga carita hangsa
gajendra carita banem
matsyanem crita sagarem
puspanem crita bangbarem
ulah salah geusan nanya
jero na laut ma matsya
iwir ning leuwewung ma gajah
amis kembang ma bangbara
aya deui babandingna
upama leumpang ka jawa
hamo nurut carek deungun
ka mangu rasa urang
anggeus ma pulang ka sunda
hanteu bisa carek jawa
asa hanteu datang nyaba

rama tepi humarurung
indung tepi ka kasandung
mugya putra jalma luhung
luhungna hanteu adigung
teang warah nu baheula
sasar pangbisa ayeuna
cerek carek anu mangke
nu ti mana nu ti mendi
ti luhur oge ti bumi