Friday, March 4, 2016

Kasalahan Dina Nulis Basa Sunda







Jaman kiwari loba Urang Sunda nuliskeun rupa-rupa kalimah jeung kecap ku cara nu kurang bener. Contona nyaéta dina gambar nu diluhur (gambar dicokot tina internét).

Loba jalma nu teu bisa ngabédakeun iraha waktuna kudu maké hurup |e|, jeung iraha waktuna kudu maké hurup |eu|.  Ayeuna urang tempo kalimah-kalimah nu loba nyebar di kalangan nonoman Sunda saperti dihandap ieu :


  • "Mun lain piduiten tong nga-BBM", kuduna "piduiteun"
  • "Wilujeung Sumping", kuduna "Wilujeng"
  • "Moal ameng, sendalna peugat", kuduna "pegat"
  •  "Balikna diceugat ku aing", kuduna "dicegat"
  • jeung réa-réa deui.
Kuring mémang lain ahli dina widang basa, tapi ari mineng-mineng teuing mah asa teu genah macana ogé. Nu jadi pikiran téh, naha teu diajarkeun di sakola atawa mémang pangajaran Basa Sunda téh teu jadi perhatian ku para murid ? Bisa jadi ogé hal ieu teh dilantarankeun urang Sunda geus loba nu teu maké Basa sunda dina kahirupan sapopoéna sahingga tong boro dina tulisan, dalah dina pangucapan ogé geus teu bisa ngabédakeun.

Hayu urang maké Basa Sunda dina kahirupan sapopoé !