Jaman kiwari loba Urang Sunda nuliskeun rupa-rupa kalimah jeung kecap ku cara nu kurang bener. Contona nyaéta dina gambar nu diluhur (gambar dicokot tina internét).
Loba jalma nu teu bisa ngabédakeun iraha waktuna kudu maké hurup |e|, jeung iraha waktuna kudu maké hurup |eu|. Ayeuna urang tempo kalimah-kalimah nu loba nyebar di kalangan nonoman Sunda saperti dihandap ieu :
- "Mun lain piduiten tong nga-BBM", kuduna "piduiteun"
- "Wilujeung Sumping", kuduna "Wilujeng"
- "Moal ameng, sendalna peugat", kuduna "pegat"
- "Balikna diceugat ku aing", kuduna "dicegat"
- jeung réa-réa deui.
Hayu urang maké Basa Sunda dina kahirupan sapopoé !
No comments:
Post a Comment