Wednesday, February 18, 2015

Kuwung Kulawu





Lain,
beureumna lain euceuy
hejona lain ngagedod
bodasna lain nyacas

ukur kulawu
hideungna ngawarna lebu
muru kuwung nu beunang suwung
nyusul layung bati ngalanglayung

mangrupa,
tapi anjeun keukeuh sunyata
nu nyata ngan ukur rasa
rasa nu ku salira ge geus atra

No comments: